LEZER MUKA KURSUS SUNDA-crop

LEZER MUKA KURSUS SUNDA

Ku. Atép Kurnia

Aya ku resep mukaan koran-koran heubeul. Mangpirang informasi anyar anu saméméhna teu kakémot, bet bruh-bréh tinggoréhél. Cara anu kapanggih tina koran-koran jaman Walanda, antarana sorangan meunang gambaran saha-sahana anu neundeun perhatian, katut néangan kauntungan, tina wacana kasundaan anu bébér layar dina parapat munggaran abad ka-20.

Tina koran-koran téa, kuring manggihan ngaran Leo Andries Lezer (1886 – 1962). Urang Walanda tangtuna gé. Dina kandaga pustaka Sunda mah manéhna dipiwanoh ku sawatara karya tinulisna. Antarana Kleine leercursus voor zelfonderricht in de Soendaneesche taal (Visser, 1916), De Soendaneesche Taalcursus (1919), Het Soendaneesche volkslied (Sisindiran) (1921), Tjarita Iwan Eusleum djeung doeloer-doeloerna digoda koe iblis (1921), Tiloe dongeng araneh (1921), Die vier indische talen: Leerboek voor zelfonderricht in de Nederlandsche, Maleische, Soendaneesche en Javaansche taal, Boekoe pangadjaran basa Walanda-Soenda anggoeun oerang Soenda pikeun diadjar basa Walanda: (Teu kalawan nganggo goeroe) (1922), Woordenboek Walanda-Soenda (1923), Lezer’s Soendasch woordenboek:Soendasch-Nederlandsch, Nederlandsch-Soendasch (1931).

Salian ti éta, tina koran-koran téa kapanggih sawaréh-waréheun riwayat hirup katut tapak lacak ieu Walanda anu sok disarebut Leo Lezer téh. Manéhna gumelar di Donderen, Walanda, dina tanggal 2 Méi 1886. Sah ti dunya dina tanggal 8 Désémber 1962.

Lezer dipiwanoh salaku penulis, tukang dagang jeung pamedal buku di Hindia Walanda, saméméhna kungsi téken tentara. Manéhna gé nyusun kamus basa Sunda jeung sajabana. Dina mangsa pangsiunna manéhna mulang ka Walanda, ngadon bumén-bumén di Den Haag (Schrijver, boekhandelaar en uitgever in Indie, was daar aanvankelijk beroepsmilitair. Schreef ook woordenboeken Soendanees etc. Sleet laatste jaren met laatste echtgenote in Joods bejaardenhuis in Den Haag).

Nu istiméwa, Lezer pisan anu bisa dianggap nyikalan diayakeunana kursus basa Sunda. Paling henteu, sakumaha anu kapanggih tina kliping koran téa, Lezer geus ngiklankeun kursus basa Sunda anu diayakeun ku manéhna dina taun 1919. Cenah gé, “… Geus katarima buku kursus basa Sunda anu munggaran, nyaéta mangrupa mingguan pikeun diajar basa Sunda, anu diredaksian ku L.A.Lezer jeung L. Borst di Bandung…(“In dank ontvingen wij het lste nummer van den Soendaneeschen Taalcursus, een weekblad ter beoefening van de Soendaneesche Taal, onder Redactie van de Heeren L.A. Lezer en L. Borst te Bandoeng…” (Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie édisi 15 Juli 1919).

Kursus basa Sunda ala Lezer teh manjang mulan-malén. Buktina apan dina iklan taun 1930, tuluy aya warta ngeunaan kagiatan kursus basa Sunda jarak jauh nu dipigawé ku Lezer téh. Cenahsakumaha anu kapanggih dina iklan Soerabaijasch handelsblad édisi 21 Januari 1930, “Buku téks anyar pikeun diajar otodidak basa Walanda, Malayu, Sunda jeung Jawa (Nieuwe Leerboeken voor zelf-onderricht Hollandsch, Maleisch, Soendaneesch, Javaansch. LEZERS BOEKENBEURS.Bandoeng”).

Salah sahiji titik pamiangan pangna Lezer nyusun jeung ngayakeun kursus basa Sunda kalawan otodidak (zelfstudie) bisa dibaca tina Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie édisi 6 Januari 1920. Di dinya disebut-sebut yen basa Sunda téh dianggap basa paling hésé anu aya di Jawa jeung taya sumber pustaka pikeun alat diajarna. Ku kituna kalawan meunang bantuan tiL.Borst, Lezer ngaluarkeun pamedalan nu eusina mangrupa kursus bahasa nurutan kursus nu diayakeun ku Servaes de Bruin di Eropah.

Lengkepna kieu dina basa Walandana mah, “Het Soendaneesch is zeker een der moeilijkste talen van Java en zonder deugdelijke handleiding is het zeer moeilijk deze te leeren. Om hierin tegemoet te komen heeft de Heer L. A. Lezer, geen onbekende op Soendaneesch taalgebied, bijgestaan door den Heer L. Borst, een Soendaneeschen taalcursus uitgegeven, in den trant van de in Europa zoo bekende cursussen van Servaes de Bruin.”

Lila kursusna 52 minggu. Sistim anu dipakéna koréspondensi. Ngeunaan ieu mah ku urang bisa diilikan dina koran Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie édisi 6 Januari 1920. Cenah mah, “Kursusu téh kabéhanana 52 minggueun …Nu kapireng, ieu kursus téh hasilna nyugemakeun” (Het geheel zal voltooid zijn in 52, wekelijks verschijnende, afleveringen, welke ieder een afgesloten les bevatten. Naar wij vernamen, zijn reeds zeer bevredigende resultaten met dezen cursus bereikt).

Kitu deui dina Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie édisi 7 Pébruari 1920, ditétélakeun yén kursus basa Sunda ku Lezer téh diayakeun kalawan maké sistim koréspondénsi salila 52 minggu, kalawan maké métodeu anu basajan jeung praktis (Correspondentielessen, compleet in 52 wekelijksche, afleveringen. Eenvoudige en practische methode).

Hal séjénna anu kaguar tina guntingan koran téh, ngeunaan profesi Lezer. Horéng Lezer sakulawarga téh dipiwanoh minangka juragan buku. Cara anu kawakilan ku kecap-kecap boekhandelaar, Boekenverzendhuis L. A. Lezer te Bandoeng, jeung De Boekenbeurs. L. A. Lezer. Kabéhanana ngandung kaitan jeung kagiatan ngajual buku anyar katut buku urut sarta medalkeun buku.

Dina Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie édisi 7 Pébruari 1920 kapanggih deuih yén Lezer disebut minangka redaktur jeung pamedal di Jalan Menado No 28, Bandung (Redacteur en Uitgever di Menadostraat 28, Bandoeng)Atuh dina Bataviaasch nieuwsblad édisi 11 Agustus 1926, katerangan tempatna robah jadi di “Tasikmalaja”. Sedengkeun dina Soerabaijasch handelsblad édisi 13 April 1940 disebut-sebut alamat Lezer téh nyaéta: De Boekenbeurs. L. A. Lezer.     t/o, Concordia,Bandoeng alias aya di Gedong Merdeka, Bandung.

*Penulis lepas, matuh di Bandung.

Sumber : Majalah Mangle ed. 24-30 September 2015

@htanzil